Poe ieu bener - bener nikmat, beurangna panas. Ka sorenakeun hujan. Jadi unggal nu boga kahayang kabagean, nu hayang garing popoenana kacumponan (termasuk poe aci), nu hayang pelak jagong na kahujanan ge kacumponan. Nuhun Gusti.
Kabeneran malem minggu jadwal ronda, biasa we nangkring di pos. Kaluar jam 9, balik jam 11 leuwih. Biasana mah osok tepi ka jam 12, ngan ku sabab ieu beuteung rada peurih hayang ka WC nya kapaksa pamit tiheula ka komandan. Jadi ukur ngopi we jeung udud meunang 5 batang mah di pos teh.
Ngan karasa beda pisan malem minggu di lembur (mikropolitan) jeung di kota mah. Di kota mah rame ku musik di club, di dieu mah rame jangkrik jeung gaang. Aya rada rame teh sora parud we paketrok keur mecel jagong poeeun isuk.
Tapi angger, najan sakumaha ramena di kota ge pikeun kuring mah betah di keneh lembur. Sababna loba. Di lembur mah duit rada irit da jauh ka Mall ; gas irit da puguh sok make suluh ; dahareun loba, rek sampeu, jagong, suung, iwung, asal daek nyiar ka kebon batur (he he .... asal daek melak jeung neangan) ; alamna seger keneh jeung loba deui kaleuwihan kaleuwihan sejena nu moal bisa dipanggihan di kota.

Heheu deudeum,ni asa wararaas pa,
waduh cuaca teu konsisten kitu mah atuh pa,,he,he,
oheunya pa mun aya info up date kanu grup atanapi blog,haturnuhun.