Cibugel Maju Kuanjeun
Unggal isuk jam 6an tina jandela kuring mencrong kaluar kabeulah kidul jeung wetan. Panon poe sumirat, manuk rarecet ditambah segerna angin tiis matak betah rarasaan. Komo mun bari aya kopi hideung mah ditambah ududeun tangtu beuki nikmat meneko sisi jandela.

Sajeroning mencrong kaluar, hate ngagerentes "Alhamdulillah Gusti, Anjeun masihan keneh yuswa ka abdi tepi ka dinten ieu". Sahingga abdi bisa keneh nyakseni bukti kamaha agungan Anjeun nu aya dina alam. Mudah - mudahan abdi tiasa napakuran.

Rada beurang tatangga ngalaliwat marawa dingkul kosong, sigana keur ngala jagong di kebon na. Barudak SMP ngalaliwat arindit ka sakola, aya nu laleumpang aya nu narumpak angdes jeung odong - odong bari recok ngarobrol jeung babaturana.

Heueuh ..... sakieu mah geus maju Cibugel teh gening lamun ngabandingkeun jeung 15 Tahun katukang mah. Ayeuna mah geus aya listrik, telepon, Tower BTS Selular geus rajeg, matak Handphone ge ampir unggal sirah baroga, angkutan lumayan loba, indit sakola ge barudak ti Cipasang, Cibanen jeung ti Nagrak teu daek indit can aya mobil mah. Baheula mah daek teu daek kudu leumpang bari jeung jalan batu keneh. Ayeuna mah pan aspal butut butut wae mah geus boga Cibugel teh.

Ngan kuring baheula teu ngalaman kawas batur ngarengklak leumpang ka SMP jalan ka Carik ti Kebonkopi, sabab kabeneran Bapak jeung ema ngajurung supaya kuring sakola di lembur batur di Priangan beulah wetan nyaeta di Singaparna - Tasik ti mimiti kaluar SD tepi ka lulus SMA. Mun sakola di Cibugel mah meureun ngalaman usum hujan teh ngajingjing sapatu, da puguh jalan carik mah taneuh keneh.

Boga kawaas teh lamun inget umur SD keur sakola di SD Nagrak, moal poho eta mah sigana kenangan teh tepi ka aki - aki ge. Isuk isuk jam 5 sok biasa nempo sawah ka Palasari bisi teu kacaian. Balik ti Sawah siap siap indit ka Sakola, make sendal capit (sakieu teh leuheung make sendal, da batur mah sawareh nyaleker ka sakola teh) dibekelan 100 perak keur jajan, mekel sangu jeung goreng endog dipalastikan.

Di Sakola, mun pareng euweuh guru heug usum hujan, biasana nengor nengorkeun taneuh tina sendal ka kelas sabeulah, atuh naramlog taneuh teh dina tembok jeung lalangit.  Mun aya cai sesa hujan ngeuyeumbeu di lapang, tangtu we diguyangan. Usum istirahat biasana sweeping ka kebon di Ciarakoneng (teuing kebon nu saha) ngala Jambu mende jeung babaturan. Atawa sok ngala buah salam di Cibuntu tepi ka saku pinuh ku geutah.

Pernah dina hiji poe, saperti biasa jeung babaturan neangan tangkal salam nu buahna leubeut. Manggih di Cibuntu, ngan hanjakal loba kararanggean. Nya kapaksa teu bisa diala harita, akhirna nitah babaturan nyieun oncor keur muput kararangge.

Isukna bel asup sakola kabeneran euweuh guru. Nya nekad kabeh lalaki kelas 6 kalabur marawa kantong maksud rek ngala buah salam tea terus rek balik. Tepi ka Cibuntu, karek ge rek muput kararange torojol teh Pa. Cecep Junaedi datang nyusul kana Motor, kontan barudak birat ; aya nu nyumput di saung jeung dina rungkun. Tapi akhirna kabeh beunang ku Pa. Cecep digiringkeun ka sakola terus dihukum pagoeng goeng ceuli jeung babaturan. Mun inget kajadian eta sok kadang hayang seuri sorangan ......
0 Responses

Posting Komentar

Silahkan tinggalkan komentar anda !