Cibugel Maju Kuanjeun
Isuk isuk hudang rada telat, heug we solat subuh ge geus rada caang. Maklum peuting kamari ngan 2,5 jam sare,terus nyaba jauh indit subuh balik maghrib. Karek reup sare jam 23.30. Tapi Alhamdulillah genah ayeuna mah awak teh ari hak na geus dipinuhan mah, nyaeta sare anu cukup.

Jam 7 indit ka sakola tercinta SMP Negeri 1 Cibugel, kabeneran bagean ngawas Try Out persiapan Ujian Nasional kelas IX nu tanggal 29 Maret engke baris dilaksanakeun. Ruangan aya 15. 9 Ruang siswa SMPN 1 Cibugel, nu genep deui ruangan siswa kelas IX SMPN Satu Atap Gunung Sangiang jeung Tamansari.

Dina jadwal kuduna mulai TO teh jam 7.30, ngan kusabab aya Briefing heula ti Kepsek nya mundur jadi mimiti jam 8.00. Poe ieu 2 pelajaran nu, B. Indonesia jeung B. Inggris. Waktuna masing - masing 120 menit an. Lumayan cangkeul nungguan barudak ngerjakeun soal salila 4 jam. Tapi hadena aya mekel HP, teu kesel teuing da bari Chatting ngawasna.

Balik sakola jam 12 an, geus adzan lohor terus sholat. Beres sholat ganti pakaian make kolor, kaos jeung jaket maksud teh rek lari hareupen imah (caritana kuring teh keur boga program 20 menit unggal poe keur olahraga. Memeh lari, awak dibalur heula ku minyak GPU meh panas supaya gancang ngesang.

Nya akhirna lari weh meunang 20 menit mah diteruskeun bench press (angkat beban) 3 set tepi ka kesang ngoprot. Geus panas awak, kuring reureuh bari buligir (make kolor wungkul) da puguh hareudang. Bari reureuh nginum Pop Ice make es, aduh meni ajib pisan ditambah ngenyot LA Light, duh jadi beuki nikmat deuih udud teh tas olahraga mah.

Memang ti baheula karesep kuring teh olahraga sabangsaning lari, renang jeung fitness. Ngan kusabab kedul, geus aya 4 tahun na rada jarang olahraga teh. Inget baheula keur SMP - SMA biasana tara elat lari teh saminggu aya 4 kalina unggal balik sakola keur meujeuhna panas mentrang. Ngan poe minggu mah baheula biasana lari teh isuk - isuk (da libur sakola) ti Sukahideng - Cimerah - Sukarame - Singaparna. Keur jaman kuliah mah beda deui, kana lari rada ngedul. Minangka olahraga teh fitness di BSD (Bintang 98) Bogor, pas hareupeun pasar Merdeka. Biasana fitness teh sok aya kana 3 x saminggu minimalna. Kahayang mah unggal poe, ngan lumayan ongkos angkotna matak beak bekel.

Beres kuliah Tahun 2005, asup gawe terus mulang ka tanah Cibugel tepi ka kiwari minangka ayeuna boga maksud rek maksakeun deui olahraga. Da gening karasa tara olahraga mah, teu genah awak teh. Keur mah kuring sadar yen awak ge boga hak ; nyaeta hak dipake olahraga. ...........
Baca selengkapnya...
Cibugel Maju Kuanjeun
Poe ieu bener - bener nikmat, beurangna panas. Ka sorenakeun hujan. Jadi unggal nu boga kahayang kabagean, nu hayang garing popoenana kacumponan (termasuk poe aci), nu hayang pelak jagong na kahujanan ge kacumponan. Nuhun Gusti.

Kabeneran malem minggu jadwal ronda, biasa we nangkring di pos. Kaluar jam 9, balik jam 11 leuwih. Biasana mah osok tepi ka jam 12, ngan ku sabab ieu beuteung rada peurih hayang ka WC nya kapaksa pamit tiheula ka komandan. Jadi ukur ngopi we jeung udud meunang 5 batang mah di pos teh.

Ngan karasa beda pisan malem minggu di lembur (mikropolitan) jeung di kota mah. Di kota mah rame ku musik di club, di dieu mah rame jangkrik jeung gaang. Aya rada rame teh sora parud we paketrok keur mecel jagong poeeun isuk.

Tapi angger, najan sakumaha ramena di kota ge pikeun kuring mah betah di keneh lembur. Sababna loba. Di lembur mah duit rada irit da jauh ka Mall ; gas irit da puguh sok make suluh ; dahareun loba, rek sampeu, jagong, suung, iwung, asal daek nyiar ka kebon batur (he he .... asal daek melak jeung neangan) ; alamna seger keneh jeung loba deui kaleuwihan kaleuwihan sejena nu moal bisa dipanggihan di kota.

Baca selengkapnya...
Cibugel Maju Kuanjeun
Unggal isuk jam 6an tina jandela kuring mencrong kaluar kabeulah kidul jeung wetan. Panon poe sumirat, manuk rarecet ditambah segerna angin tiis matak betah rarasaan. Komo mun bari aya kopi hideung mah ditambah ududeun tangtu beuki nikmat meneko sisi jandela.

Sajeroning mencrong kaluar, hate ngagerentes "Alhamdulillah Gusti, Anjeun masihan keneh yuswa ka abdi tepi ka dinten ieu". Sahingga abdi bisa keneh nyakseni bukti kamaha agungan Anjeun nu aya dina alam. Mudah - mudahan abdi tiasa napakuran.

Rada beurang tatangga ngalaliwat marawa dingkul kosong, sigana keur ngala jagong di kebon na. Barudak SMP ngalaliwat arindit ka sakola, aya nu laleumpang aya nu narumpak angdes jeung odong - odong bari recok ngarobrol jeung babaturana.

Heueuh ..... sakieu mah geus maju Cibugel teh gening lamun ngabandingkeun jeung 15 Tahun katukang mah. Ayeuna mah geus aya listrik, telepon, Tower BTS Selular geus rajeg, matak Handphone ge ampir unggal sirah baroga, angkutan lumayan loba, indit sakola ge barudak ti Cipasang, Cibanen jeung ti Nagrak teu daek indit can aya mobil mah. Baheula mah daek teu daek kudu leumpang bari jeung jalan batu keneh. Ayeuna mah pan aspal butut butut wae mah geus boga Cibugel teh.

Ngan kuring baheula teu ngalaman kawas batur ngarengklak leumpang ka SMP jalan ka Carik ti Kebonkopi, sabab kabeneran Bapak jeung ema ngajurung supaya kuring sakola di lembur batur di Priangan beulah wetan nyaeta di Singaparna - Tasik ti mimiti kaluar SD tepi ka lulus SMA. Mun sakola di Cibugel mah meureun ngalaman usum hujan teh ngajingjing sapatu, da puguh jalan carik mah taneuh keneh.

Boga kawaas teh lamun inget umur SD keur sakola di SD Nagrak, moal poho eta mah sigana kenangan teh tepi ka aki - aki ge. Isuk isuk jam 5 sok biasa nempo sawah ka Palasari bisi teu kacaian. Balik ti Sawah siap siap indit ka Sakola, make sendal capit (sakieu teh leuheung make sendal, da batur mah sawareh nyaleker ka sakola teh) dibekelan 100 perak keur jajan, mekel sangu jeung goreng endog dipalastikan.

Di Sakola, mun pareng euweuh guru heug usum hujan, biasana nengor nengorkeun taneuh tina sendal ka kelas sabeulah, atuh naramlog taneuh teh dina tembok jeung lalangit.  Mun aya cai sesa hujan ngeuyeumbeu di lapang, tangtu we diguyangan. Usum istirahat biasana sweeping ka kebon di Ciarakoneng (teuing kebon nu saha) ngala Jambu mende jeung babaturan. Atawa sok ngala buah salam di Cibuntu tepi ka saku pinuh ku geutah.

Pernah dina hiji poe, saperti biasa jeung babaturan neangan tangkal salam nu buahna leubeut. Manggih di Cibuntu, ngan hanjakal loba kararanggean. Nya kapaksa teu bisa diala harita, akhirna nitah babaturan nyieun oncor keur muput kararangge.

Isukna bel asup sakola kabeneran euweuh guru. Nya nekad kabeh lalaki kelas 6 kalabur marawa kantong maksud rek ngala buah salam tea terus rek balik. Tepi ka Cibuntu, karek ge rek muput kararange torojol teh Pa. Cecep Junaedi datang nyusul kana Motor, kontan barudak birat ; aya nu nyumput di saung jeung dina rungkun. Tapi akhirna kabeh beunang ku Pa. Cecep digiringkeun ka sakola terus dihukum pagoeng goeng ceuli jeung babaturan. Mun inget kajadian eta sok kadang hayang seuri sorangan ......
Baca selengkapnya...
Cibugel Maju Kuanjeun
Pada hari Minggu 28 Pebruari 2010, para founding fathers berdirinya CMK (Red : Cibugel Maju Kuanjeun) berkumpul di kediaman Bapak Asep Juanda yang bertempat di Dusun Cisetra Desa Sukaraja Kecamatan Cibugel. Acara dimulai pukul 08.00 WIB dengan dihadiri kurang lebih 12 Orang komunitas CMK.

Yang hadir pada acara tersebut di antaranya : Didin Adiwijaya (Ciwidey - Bandoeng), Okib Kiblatuha (Pangandaran), Dadan (Tamansari - Cibugel), Pepen (Bekasi), Harun Al-Rasyid, Asep Juanda (Pribumi), Ali Abdurochman (tatangga pribumi -datang terlambat = usum parasmanan karek jol) dan beberapa anggota lainnya yang penulis lupa lagi namanya,

Inti Acara tersebut adalah :
1.Pengukuhan berdirinya CMK sebagai sebuah "Paguyuban" Nirlaba yang menjadi wadah berkumpulnya orang - orang Cibugel di dunia maya (Facebook, dsb) atau selain warga Cibugel yang sama - sama  memiliki kepedulian terhadap kemajuan Cibugel ;
2. Bidang yang menjadi konsen CMK adalah : Pendidikan, sosial, dan kesehatan ;
3. Sumber dana CMK adalah iuran anggota (minimum Rp. 2.000 / Bulan per orang)
4. Menetapkan yang hadir pada musyawarah tersebut sebagai founding father (penggagas)
5. Kepengurusan sementara CMK adalah : Asep Juanda (Ketua), Dadan (Sekretaris), Ali Abdurochman (Bendahara) dibantu dengan Koordinator di wilayah (Luar Kota)
6. Program awal rencananya akan dilaksanakan pada bulan April dengan fokus sasaran pembangunan MCK untuk warga pra sejahtera
7. Pada musyawarah I tersebut telah terkumpul dana +- Rp. 400.000,- (donatur yang lain diantos kaikhlasana kanggo nambihan)
8. Nomor rekening CMK akan diberitahukan kemudian / secepatnya
9. Hal - hal lain yang belum dimuat akan diberitahukan kemudian (soalna abdi dongkapna telat)

Acara diakhiri dengan Do'a yang dipimpin oleh Ustadz Pepen dilanjutkan acara Makan siang pada pukul 12.30 (meni saregut, maklum capek) dengan menu Ikan goreng, fried cow meat, capcay, sambal, lalab, krupuk dll. Selesai makan pulang (SMP), margi acara pokokna tuang (he he)...
Baca selengkapnya...